Haté Lalaki

"Geus timana atuh, mincreung? Tép, Atép, yeuh anteurkeun kabogoh manéh! Bilih aya nu nyulik! Ha ha ha ha..." 
Jebul saurang deui ti warung jajamu. "Ha ha ha ha..., huuh! Banci kaléng...! Diharatiskeu gé teu sudi aing mah, Ayi!"
"Garandéng lah! Ngojég mah ngojég wéh montong usil ka batur!" tembal téh. Naék ojég dibolaykeun, kuring tuluy ngingkig. Maranéhna ceuceuleuweungan kénéh. Kajeun siah, kumaha sia wéh rék ngabacot naon gé. Disangka aing sieun kitu ku maranéh? Rék galungan gé hayu. Keur mah napsu ku si Tinceu nu maén sorobot baé. Nyaho bulan Romadon mah hésé piduiteun téh. Nu ngalanggan gé sok ngadadak euweuh. "Ari ngéwé banci naonna nya, Tép? Ha ha ha ..." Séak! Amarah kontan ngagedur. Kaleuleuwihi tah jelema téh. "Ngomong naon manéh bieu? Dipodaran siah ku aing...!" Kuring muru jelema pangdeukeutna nu tadi dicaluk Ayi. Habek! Habek! Dua kali ieu peureup ninggang beungeutna. Jekuk! Aduh! Aya nu ngetig kitu ieu téh? Les....