Dongeng ti Kahyangan


Dewa Dewi di kahiyangan ibur ku kabar
Dewi Kesih ayeuna nuju kasmaran

Raja jeung Ratu bagja kacida
Suka bungah amarta sukma
Jajaka tandang datang ngalamar
 neang Dewi  Kesih di Kahiyangan.

Kembang nu kuncup ayeuna malekar
meleber
nyeungitan alam ku kabagjaan

Rahayat surak galumbira
Ponggawa atoh kacida

Raja Ratu maparinan restu
Dewa Dewi masihan widi
Pon kitu deui rahayat jeung ponggawa
Ngintunkeun sadaya du'a

bagea Dewi
Bagea jajaka
Alam dunya ngintun du'a

rancaekek,2010