Entod (Aan Merdeka Permana)
AYA geuning nya jalma nu ngaran Entod teh, ngan untungna budak keneh, kakara sakola di TK. "Ari Entod sareng saha di bumi teh?" saur Bu Guru. Dijawab: "Ah, tiluan we, Apa, Entod, Mamah ..." ceuk Jang Entod. Hiji waktu, bapa jeung anak parebut ka cai. Bapana geus pangseng, pon kitu deui anakna. Jang Entod ngagugujrag bapana supaya geuwat kaluar sabab eta budak ampir kabusiatan."Cicing dagoan sakeudeung!" ceuk bapana anu keur ngabeten. Jang Entod bebeja ka indungna menta dibelaan. "Cing atuh bapana, Entod heula!" ceuk pamajikanana. "Tuh, Bapa! Bapa! Ceuk Mamah ge Entod heula!" Ngadenge kitu, bapana tibuburanjat dicalana deui, rek nyusul pamajikan ka kamar.