Sinarieun ceu Ikah teu datang ka imah sababaraha poe ieu, na kamana nya? Biasana mah katempo indit dagang bala bala atawa buburuh nyeuseuhan pan, si Ida kitu deuih, teu katempo ulin budak teh. Naha euweuh ka imah tilu poe ieu teh atuh nya? Ah, panasaran, bisi aya nanaon, urang tempo heula. Niat rek ka pasar teh, antukna diteundeun heula, miheulakeun nyimpang ka kontrakan ceu Ikah, randa kang Sahma.
Keur aya dikieuna, almarhum kang Sahma teh katelah pajoang pikeun janda janda nu salakina leungit diculik, pedah merjoangkeun hak asasi manusia tea. Heueuh jiga Munir tea meureun. Tok, tok, tok, panton di ketok lalaunan. Sepi, euweuh nu nembal. “Ceu..., ceu Ikaaaah..., ieu abdi, nyai. Ceu..., euceu aya di bumi?” Naha euweuh nu nembal keneh nya? Tina nako mah siga aya jelema da.
“Teh Nyai, bade ka ceu Ikah?” Lieuk ka nu ngagorowok.
“Enya, Tat, kamarana nya?” kuring malik nanya.
“ Tikamari ge teu aya da, teu kaluar bumi. Si Ida ge teu aya ameng kadieu deuih, pan biasana ge ameng bobonekaan sareng Nina di dieu,” tembal Tati.
Ah, na kamana atuh? asa hariwang kuring Ceu, mun euceu unjang anjang, naha nganjang kasaha? Pan dulur euceu mah ngan kuring wungkul, enya ge teu saindung, beda bapa, tapi ari sarua budak panti mah urang teh geus jadi dulur.
“Idaaaa…, Idaaa…. “ Sakali deui kuring nyobaan ngageroan, susuganan aya.
Kolotrak! Sora engsel panto dibuka. Bray. Astagfirrulloh…! Ida meni sepa. Panon celong, awak begung.
“Ida, mamah kamana?” Kuring buru-buru muru ka kamar Ceu Ikah. Kosong, euweuh sasaha.
“Ida, mamah kamana, bageur?”
“Mamah tos tilu dinten teu uih. Saur mamah, mamah bade ka Jakarta. Ka gedong MPR, bade merjoangkeun hak Apa. Mamah bade nungtut, bade nyuhunkeun bantosan ka nagara. Naha Apa diculik, naon lepat Apa?”
“Mamah tos tilu dinten teu uih. Saur mamah, mamah bade ka Jakarta. Ka gedong MPR, bade merjoangkeun hak Apa. Mamah bade nungtut, bade nyuhunkeun bantosan ka nagara. Naha Apa diculik, naon lepat Apa?”
Gebeg! Ser..., duh Gusti Nu Agung. Hate peurih ngupingna, asa digerihan hinis. Paparinan pitulung, Gusti..., kangge anjeuna nu nuju merjoangkeun hakna. Deudeuh teuing anjeun, ceu, ayeuna meureun anjeun teh keur merjoangkeun nu leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana.
Kuring nangkeup Ida, awakna karasa panas pisan, gening budak teh gering. Di rampa tarangna, euleuh, enya weh gering. “Mah, Ida lapar, hoyong emam … “ Pokna Ida dina tangkeupan.