Nangtang Alam


Nangtung di sisi gawir
Ngabedega bari melak cangkeng.
Panon neuteup sekeut ka handap jurang.
Kacapanon hideung, calana levi's rarawisan.
Ngahaja, siga nu nangtang alam.
Sabot ngahuleng,
“AUUUM....!”di satukangeun  maung datang ngareureuwas.
 Korosak, gebrus.