Nu kakaput bérod beuheungna. Lar aya nu Burut ngaliwat,
“ Naha Ceu, ké, ké, ké… put teh meni ngeluk ngeluk teuing?, ké hayoh we katojos jarum.”
(tadina mah rék nyebut kékérod nu ngaliwat téh, ngan, kaburu inget kana beuheung nu keur kakaput, , nu keur kakaput pasti kasinggung)….
Nu kakaput ngarenjag, bari geumpeur, manéhna nembalan,
“ eu, eu, sum, sum, sumuhun, ieu ngaputan baju bur,,bur,, ,tut”.
(na haté nu keur ngaput ngagerentes, Duh Gustiii, ampir wé abdi nyebat burut, da meni sesah nyebat butut téh)
Nu nanya ngabalieur, bari ngarasa éwed, gerentes dina haténa , Baé ah, jadi sekorna hiji hiji pan? .