Orok Capetang

Isuk kénéh Ceu Konah geus indit ka imah nu jadi adi, Nyi Engkom. Ibar ti dulurna, Engkom geus ngajuru.

Waktu orok diais ku ceu Konah, teuing kunanahaon dumadakan orok téh ngéar. 

"Éa... Éa... Éaaa..." 

Ceu Konah: "Kunaon nya budak téh ngadon méwék diais ku urang mah, Kom?"

Koréjat! Orok hudang dina aisan, bari popolotot éta orok nyarita, "Kumaha déwék atuh, Uwa! Ngais mah ngais wéh. Éa ... éa ...éaaa...."