Aya kana sajamna nungguan, nu dijangjian can datang-datang. Pikasebeleun jelema teh. Rani, mun lain maneh nu menta tulung, teu hayang urang mah kikieuan. Daek soteh pedah maneh nu nitah, rumasa urang rea ditulungan ku maneh.
Ran, urang jadi heran naha maneh bet embung nyanghareupan sorangan?Panan maneh nu panasaranna ge. Ari dina facebook mah calakan maneh teh siga nu enya wanian ka lalaki, ari dina kopdarna haben weh nitah urang. Urang mah nepi ka beak pikir ku maneh teh, naha maneh teh teu boga kawani sorangan?Beungeut teu ngerakeun, dangdanan modis, duit aya, kari pede wungkul, Ran.
Kapok urang mah kikieuan teh, Ran, sieun jiga basa kopdar jeung si Asmarahadi euy, geus beungeut siga si Boneng teh maksa urang milu ka hotel deuih. Untung urang bisa nolakna euy enya ge ku cara kasar. Paduli manehna bos ge ah.
Hihihi, Ran inget si Jaka?nepi ka kiwari ge urang mah hayang nyakakak keneh. Gehel tah jelema, sugan teh heueuh kasep jeung atletis siga poto profilna, hanas urang duaan parebut tiheula hayang meunangkeun manehna, ari gok teh bet leuwih parah si Boneng, ha ha ha ha … Ran, mun maneh milu harita, moal teu seuri hareupeunana tah.
“Punten, kengeng ngiring calik dipalih dieu?”Tanya lalaki kameja biru nu titadi diperhatikeun ku kuring.
“Oh, mangga …”Tembal kuring luak-lieuk nempoan meja sejen nu masih kosong.
Loba keneh korsi nu kosong, tapi naha make jeung milu diuk didieu sagala?Bae ketang ah, da kasep ieuh, resep nempona ge itung-itung hiburan bari nungguan jelema nu dijangjian.
“Raoseun nya Kafe teh?”Tanya manehna.
Kuring imut bari unggeuk, “Muhun, raoseun pisan, tuangeunana ge raos deuih”
“Sering kadieu, Teh?”
“Ah henteu, kaleresan abdi nuju ngantosan rerencangan”Cekeng teh.
“Oh … muhun-muhun, abdi ge jangjian ieu teh, nanging duka nu mana jalmina” ceuk manehna deui.
Jep, kuring jeung manehna jarempe. Anjrit, Raaan…. kasep siah ieuuuh …!Mun maneh aya, meureun maneh ge kabita, aya bahan urang duaan pasea deui yeuh. Kulitna bodas beresih, panon linduh, irung mancung, biwir ambucuy siga awewe. Wah, terawat sigana nu ieu mah, Ran.
“Duh, lami geuning nya?”
“Sami, Kang, abdi ge dugi ka karesel kieu. Tos aya kana sajam langkungna abdi ngantosan didieu”
“Linggih dimana, Teh?”
“Abdi mah di Cibaduyut, terasan TVRI”
“Atuh seueur sapatu nya?”
“Nya muhun atuh ari nu sanes mah, he he he …”
“Nyalira wae, Teh?”
“Muhun, atuh da bade sareng saha, rerencangan saribuk sadaya benten sareng abdi nu pangangguran”
“Maksad teh, teu sareng caroge?”
“Abdi mah lengoh keneh, akang nyalira, naha teu sareng bojo?”
“Sami, abdi ge lengoh,”Tembalna bari maledogkeun imut. Aduh Ran, pas pisan baledoganana! Keuna euy kana hate!.
“Aeh, dupi nami Eteh saha?Pami abdi mah Yusuf,” song leungeunna diasongkeun ka kuring.
“Abdi, Sofy!”Cekeng teh.
“Seneng pisan tiasa pendak sareng salira, Teh Sofy …”
“Sami, abdi ge seneng tiasa tepang sareng Kang Yusuf…”
“Kengeng nyuhunkeun nomer hapena?”
“Mangga, sok nomer akang miskolkeun ka abdi. Ieu nomer abdi, enol dalapan dua hiji hiji tujuh dua tilu enol dua dua enol”
Gustiiiii … ieu hate abdi bingah pisan, nuhun nuhun nuhuuuun ….! Yes!yes!yes!manehna nanyakeun nomer hape.
Manehna mencetan keypad hapena. Hape disada, galindeng sora Nining Meida atra. Ih geuning si Rani ieu mah.
“Halow …”
“Sof, geus aya jelemana?Cenah mah manehna rek make kameja biru!Omat nya, mun kasep ulah disabet!”
“Mangga, engke abdi laporan ka salira, Juragan ….”
“Jriiiit, aya ku lemes eta basa euy!Ha ha ha ha .. hayang seuri ngadengena ge!Enya atuh, geus heula nya, urang keur onlen yeuh, aya mangsa baru euy!”
Pet, hape pareum. Baku si eta ari geus nelepon teh, teu wassalam wassalam acan. Hah?Kela, Kameja biru?
“Hemh …Ran, wayahna nu ieu mah keur urang weh nya?”