Acan ge beres balanjana, bi Icih Suricih binti Surili, rurusuhan balik ka imahna.
Pedah bieu meunang beja, cenah di hareupeun imahna, “ telah terjadi pelecehan seksual”.
Halah, aya bahan pirameeun yeuh di imah kuring, pikirna.
Leumpang geus teu malire jalan geui, nepi ka ampir ampiran tikusruk, geus puguh ari tijalikeuh mah, geus katilu kalina tadi teh.
Nepi ka hareupeun buruan iman, katenjo geus loba jelema nu ngariung. gancang bi Icih nyanpeurkeun, bari nanya, “ aya naon? aya naon?”
jawab Pa RT bari ngabelengeh,komplkasi jeung nyerengeh,
“Eta aya ucing jalu, ngalecehkeun ucing bikangna, nepi ka eong eongan “
Nu boga dosana mah ting belehem, areraeun. Heueuh si ucing!.