Reang


Sabaraha lila
Ngahenen di poek nu mongkleng
Dibaturan napsu
di keukeupan ungkara

Galecokna jiwa, nyiksa
Hate ngaharewos
Uteuk milu mairan
Sukma gogorowokan
Silih tembal jeung lelembutan

Ambek kapegung
Meupeus keuyang
Kanyataan balaka nu saenyana
Rareang