Bulan Romadhon, umat muslim keur ngalaksanakeun kawajiban-ana. nyaeta puasa. Tangtuna, urang kudu bisa nahan diri tina sagala rupa hawa napsu, amarah, godaan, nu paling entengna mah, menahan haus dan lapar lah.
Ari ieu, tibeurang, keur meumeujeuhna panon poe mentrang mentring, matak lapar jeung halabhab, eta tukang baso jeung sirop ngaliwat. “Wah, kudu di elingan ari keiu mah”
Nyai : “ mang, naha meni siang keneh tos icalan?”
tk. baso : “ muhun neng, rejekina sieun dipacok batur”.
Nyai : “mang, sanes ayeuna mah sasih ramadon? nu ngagaleuhna ge nuju saum atuh wayah kieu mah”
tk. baso : “ ah wios neng, da seueur nu teu saum gening “ Nyai : “Atuh hawatos mang kanu saraum”
tk. baso : “ Nya neng, matak saum ge, ngalatih kaimanan urang eta teh, naha tahan ku godaan setan atanapi henteu”.
Nyai ngaleos bari na hate mah ngomong “ heueuh, sia setanna !”.