Sono ka Ujang


Ngitung waktu, milang poe,, diri nyai nyobaan nangtung deui pikeun hirup nyai kahareupna. Sagala kanyeri,kapeurih,jeung kasedih nyai di bangbalerkeun kana carita.
Sugan jeung sugan, liwat ieu carita, nyai bisa ngupahan hate nyai nu pinuh ku katunggaraan.
Saha nu teu peurih, saha nu kuat, narima cocoba nu sakieu gedena. Di tinggalkeun ku budak nu keur lucu lucuna. Kembang buruan cenah ceuk batur mah, ari pikeun nyai mah,, kembang hate, kembang nirwana.
Budak nyai, tiwas ku alatan kaserempet treuk nu ngaliwat. Euweuh nu salah dina kajadian ieu teh, da eta mah geus aya gurat takdirna. Panan jodo, pati jeung cilaka geus aya garisna. Urang teu bisa nolak,moal bisa mungkir, kitu deui, urang teu bisa nawar.
opat puluh poe can kaliwat, hate nyai kiwari geus kaubaran, bati peupeujeuh ti kidulur, kisobat, jeung kabeh jelema nu mikaasih, mikadeudeuh ka diri nyai jeung budak nyai.
Mun seug anjeun apal, unggal peuting, teu weleh nyai nyambat, sugan jeung sugan, isuk bisa panggih jeung budak nyai. Tapi dalah dikumaha, eta harepan ngan sakur impian, ku teu asup kana akal bakal kacumponan.
Isuk isuk, mun nyai hudang, ieu cimata sok ngalembereh, ngabaseuhan hate jeung mamaras. Ret kaditu, ret kadieu, diteang kaditu, diteang kadieu, angger euweuh hidep teh gening.  Kamana atuh hidep teh jang? ,dimana atuh hidep ayeuna?.
mun seug meunang, kahayang mah ngajerit maratan langit, ngoceak laratan jagat. Sugan jeung sugan, budak nyai bisa ngadengeeun, sugan atuh manehna datang nyampeurkeun.
Yap kadieu bageur, yap kadieu, urang eyong ambing ku nyai, cuang usapan eta mastaka jungjunan kalbu teh.
Rek diciuman, rek digalentoran, ditangkeup, moal deui deui di leupaskeun…
Anaking, dangukeun jang,, nyai sono kahidep, nyai kasiksa ditinggalkeun kuhidep. Euweuh nu bisa ngupahan kanyeri hate nyai, iwal ti imut hidep ujang…

Ujang, ieu carita nyai, kaluar tina  dasaran hate, nu lila disidem, ayeuna kaguar deui, pedah  teu kuat nandanganana. Da geuning, beuki disidem, beuki rosa karasana.
Nyai yakin, hidep keur ningalikeun ieu diri. Nu ayeuna  keur kasimbeuhan ku cimata. Hampura nyai sujang, hampura nyai. nyai sono tan wates kabendung. Nyai sono sujang. Nyai sono.
DEMI ALLOH,NYAI SONO KA UJANG!