Gerilyawan 1
Kuring kesit nyabut péstol. Dor ... dibekaskeun. Geleger ... pélor mortir musuh bitu deukeut pisan. Kabéh néangan panyalindungan. Haseup mulek, bau mesiu dimamana. Anu adug lajer, nu tinggaroak, nu sakarat, taya nu miroséa. Kuring gé teu walakaya. Lenggut ..., lenggut laju karasa ngoléang. Angin ngaliliwir, kaayaan geus simpé. Koréjat. “Lempar granat ...!” Bérébét ..., bérébét ..., bedil mesin ti unggal juru. Luak-lieuk kuring néangan ki sobat, bréh téh Hasan geus gugur. Lebah sirahna molongo bati katémbak. “Kumpeni anjing! Bangsat kalian!” Kuring muru musuh, péstol dibekaskeun. Ahéng, euweuh nu keuna hiji-hiji acan. Padahal kuring geus aya dihareupeun maranéhna. Maranéhna jongjong ngabédil, ngabérébétkeun brén, ngalungkeun granat ka tukangeun kuring. Bray. Cahaya gumawang luhureun kuring. “Wilujeng sumping, pahlawan.” Kuring ngalayang.