Hormat Grak

Iring-iringan mobil Persidén geus katémbong. "Hormaaaaat..., grak!" Kepala pasukan méré komando. Sigep, kabéh anggota pasukan ‘nu tadi ngamankeun jalan méré hormat. Panghareupna, motor pulisi jeung mobil sarwa hideung. Barudak nu maraké saragam sakola sarurak, leungeunna ka luhur ngageber-geber bandéra keretas. “Tuh, tuh, mobil Persidén datang!” corowok ‘nu maké baju pramuka. Enya, aya aleutan kandaraan. Tah ningan, mobil sédan ‘nu dibandéraan hareupna. Warna bandéra anu sarua waktu kuring dipingpin ku Panglima Besar baheula. Mobil beuki deukeut, nu sarurak mingkin harus. Haté geus gilig. Jékét dileupaskeun, lung ka tukang. Leumpang tegep kuring ka tengah jalan, megatkeun iring-iringan. Reg mobil eureun, kuring gancang méré hormat. Gagah, sanajan maké saragam véteran. Dédéngéan jeung titingalian samar, ‘nu atra ngan mobil bandéraan anu disanghareupan. Meunang sababaraha waktu mah leungeun katuhu téh dina tungtung halis kénéh, ngahormat. Tuluy..., tuluy kuring ngudupruk, inget nasib jeung kaayaan. Panto kénca mobil muka, jrut aya nu turun. Kuring jeung manéhna silih teuteup, kadituna mah kuring ngagukguk. Leungeun ngarampa dada, hayang ngaleupaskeun rompi ‘nu nyamuni jero saragam.