“Siksa, goblog! Siksa!” Dur..., napsu teu kakadalian. Bek, sahabekna. Lawan titotolonjong, gubrag. “Udag! Tong dibéré ngarénghap!” jorowok Si Karta. Heueuh kitu! Moal dibéré ngarénghap! Rék lumpat kamana sia téh, Sanip? Kuring nyampeurkeun nu jadi lawan. Kerewek, bajuna dikerewek ku leungeun kénca. Beungeut Sanip nampeu. Jekuk! Jekuk! Peureup katuhu labas kana irungna pisan. Nu nonton éar, lawan ngalenggerek. “Cuih!” Crot! Ciduh kuring kana beungeutna. “Hudang, kéhéd! Lawan!” Corowok babaturan Si Sanip. Sanip teu kecét-kecét. Ranjugan napas masih kénéh karasa beurat, tapi ieu napsu can budal kabéh. Peureup geus buleud deui, rék muru beungeut Si Sanip. “Taluk, Jang, taluk...,” pokna, “urang nyerah. Pék wéh pasar mah...,” sorana les-lesan. Nu nonton nyalampeurkeun, Sanip pada ngariung. “Kareungeu ku sia kabéh? Si Sanip geus mikeun jatahna!” Cleb! Aya nu nuncleb kana tonggong. Asa nyeri, peurih.