Kasaksian Manéhna

Seungit malati nyambuang minuhan kamar. Maké kaos néplak awak jeung calana ‘hot pants’, manéhna masih kénéh norowéco nyaritakeun pangalamanana. Geus dua jam. Ti mimiti ngomongkeun buku nepi ka carita ahéng, sedengkeun kuring nu aya 'na sajeroeun calana geus teterejelan hayang kaluar. “Wengi éta, abdi nuju di kamar. Nuju maca. Teras kaambung seungit malati. Kumargi nyambuang pisan, janten panasaran. Ditingal tina jandéla teu aya tangkal malati nu nuju karembangan. Sabot abdi badé nutupkeun jandéla, ti pengker aya nu noél. Abdi ngalieuk, terang-terang éta mangkeluk téh tos ngabedega. Badé lumpat sesah, ngagorowok nyuhunkeun tulung, lambey asa ngonci. Éta mangkeluk nyaketan. Hoyong ngajerit nanging abdi ngadon teu émut di bumi alam. Énjing-énjingna atra, aya tangkal malati nu kembangna maluguran. Mung dugi ka danget ayeuna teu acan kateguh, mangkéluk naon ari manéhna. Tah! Ayeuna gé aya seungitna, nya? Aa ulah mulih, nya? Abdi sieun.”