Kuring Nu Nyésa
Leuweung ganggong. Taya deui sora jéntré iwal ti dangdaunan nu patingkérésék katebak angin. Rasamala, jeung damar, pajangkung-jangkung nambahan mongkléngna peuting. Awak nu geus teu daya, nyangsaya kana tangkal maranti beureum. Gusti..., boa ayeuna bagéan abdi.... Ti tujuh urang, kiwari kantun abdi. Téténjoan geus teu puguh, panon hayang sareup-reupeun. Hawar-hawar kadéngé sora anjing ragég. Bray..., caang. Bulan kitu? Tapi maenya deukeut-deukeut teuing. Aéh, aya nu datang. Aki...? Apa...? Reup. Awak karasana hampang ngalayang. “Tép! Atép! Di dieu, euy! Barudak nu diwartakeun leungit téh aya di dieu! Béjaan nu lian!” Sorana kadéngé harus pisan. Reup bray, lampu sénter jeung patromak. “Din, Udin! Nu ieu heula, Din! Bawa heula nu ieu! Mana Si Karna?” Sora anjing ragég waktu awak kuring pada ngagotong.