Wulan Tunggelis

Bari ngantosan Apa, Ema calik dina golodog. Handapeun ngemprayna bulan nu ngagantung, ngacapi. Kuring nyampeurkeun, gék gigireunana. Léléndéhan tuluy golédag kana lahunan Ema. Ramo Ema nyaliksik kana sirah bari nembang Cianjuran. Karesep kuring pisan ieu kawih téh. Karunya, ceuk Apa gé dina dongéngna, ieu kawih téh nyaritakeun hiji budak nu bapana maot waktu manéhna dina kandungan kénéh. “Ma, nganggé kacapi atuh,” cekéng. Ema ngacapi deui. Kuring peupeureuman, api-api tibra. Mun mélétét, katingali ema nu rét deui rét deui ka jalan. “Wulan, énjing Ema nyusul Apa heula nya, ka kota?” Kuring teu ngajawab, sieun kapanggih can saré. Ti isukna nepi ka ayeuna, saban peuting kuring sok diuk di golodog. Bédana, kiwari mah teu aya Ema sareng kacapina.