"Buduk...," ceuk manehna.
Buduk teh tina Bu Dukun.
"Naon, Jang?" Cekeng nanya.
"Begini Buduk, saya teh meni pengen teh punya pacar
tapi kenapa nggak ada yang mau sama saya, yah?"
"Cik, cik, ceuk Ujang, naon kira-kirana nu ngahalangan
jodo Ujang?"
Manehna ngahuleng sajongjonan. Laju, tring! Manehna seuri,
huntuna ngaburiyay. Bakat ku atoh manggih jawaban sigana mah.
"Kayaknya mah begini, Buduk..., saya tidak dapat jodo
wae teh karena, hiji, saya teu kasep, kadua, saya teu gawe, Buduk. Katilu, saya
cedihan, atuh kaopatna, saya neanganana wajah standar artis, wajar atuh, Buduk,
da saya ge punya cita-cita. Kalima, saya mah anti ngaluarkeun duit ari
jalan-jalan teh. Sing suwer, Buduk. Kagenep...."
"Setop! Setop! Ari kitu mah atuh, Sujang! Ilaing teu
kudu konsul ka dukun, siah!"