Godi Suwarna Lahir di Tasikmalaya, gedé di kampung
Cirikip. Ayeuna netep di Ciamis. Mimiti daria ngarang puisi jeung prosa dina
basa Sunda ti taun 1976. Sajak, carpon jeung naskah novelna sababaraha kali
dilélér hadiah sastra, ti LBSS (Lembaga Bahasa jeung Sastra Sunda), Paguyuban
Pasundan, majalah Manglé jrrd. Buku kumpulan puisina nu geus dipedalkeun
nyaéta: Jagat Alit (1979), Surat-Surat Kaliwat (1982), Blués Kéré Lauk (1992),
Sajak Dongéng Si Ujang (1998), Jiwalupat (2007). Kumpulan carponna: Murang-Maring
(1980), Serat Sarwasatwa (1995). Novelna nu geus medal nyaéta Sandékala (2007)
jeung Déng (2009). Naskah novel Sandékala dilélér Hadiah Sastra Daéng Kanduruan
Ardiwinata dina taun 1998. Naskah novel Déng dilélér Hadiah Sastra Oeton
Moehtar taun 2000. Salian ti ngarang, ogé resep maén sandiwara jeung maca sajak
ti bubudak. Sanggeus kuliah, ngadegkeun grup téatér jeung papada mahasiswa IKIP
Bandung. Kungsi jadi Sutradara Terbaik dina Porseni Mahasiswa Tingkat Nasional
I (1981). Kungsi nyutradaraan pagelaran Burung-Burung Hitam (Godi Suwarna,) Cak
Anumerta (Godi Suwarna), Edan (Putu Wijaya) Tengul (Arifin C. Noor), Durmayuda
(Godi Suwarna) Bom Waktu (Riantiarno), Pandawa Dadu (Wahyu Wibisana). Tuluyna
ngagabung jeung STB (Studiklub Téatér Bandung), diajar néater ka Suyatna
Anirun. Di STB, kungsi maén King Lear, Sang Naga, Impian Di Tengah Musim. Taun
1997, nyutradaraan pagelaran dramatisasi puisi Konglomérat–KéréLauk
(sajak-sajak Taufik Faturohman jeung Godi Suwarna) di Universitas Wollongong,
Australia. Taun 2005, dihiras maca sajak Sunda dina acara Utan Kayu
International Literary Biannele nu dialpukahan ku TUK (Teater Utan Kayu). Taun
2006, dihiras deui maca sajak dina acara International Poetry Festival nu
dialpukahan ku DKJ (Dewan Kesenian Jakarta), jeung dihiras maca sajak dina
acara JILFEST (Jakarta International Literary Festival) dina taun 2008. Dihiras
maca sajak Sunda dina acara JAKARTA-BERLIN ARTS FESTIVAL di Jerman, Juli 2011.
Ti taun 1998, ngagagas acara Nyiar Lumar, pagelaran rupa-rupa kasenian Sunda
sapeuting jeput, di tabet (leuweung karamat) Astanagedé, Kawali, patilasan
karajaan Galuh. Teu disangka ti anggalna, éta acara dua taunan téh tétéla jadi
pangdeugdeugan tatamu ti mana-mana, kaasup seniman-seniman ti mancanagara.
Kituna téh, sigana, kulantaran éta acara kawilang unik. Tempat magelarankeun
kasenian, kayaning tari, téater, sastra, senirupa, nyebar di sawatara lokasi
situs bari teu ngagunakeun lampu, ukur dicaangan ku pirang-pirang damar séwu,
obor, lampion jeung durukan.