“Mah, Asép tarawéhan!” Geblag! Sora panto harus naker. “Éh,
Jalu! Kadieu heula!” Budak nyampeurkeun bari jebras-jebris. “Omat! Ulah
nyeungeut pepetasan!” “Enya! Moal atuh!” pokna bari ngaléos. Imah téh deukeut
ka lapang ogé teu jauh ti masigit. Nu matak sok kadéngé anu keur tarawéhan
atawa sarurak barudak nu nyareungeut pepetasan. “Bapana! Moal tarawéhan? Henjig
atuh! Éra ku batur!” Bapana jongjon ngelepus udud. Bérébét! “Mamaaaah…!” “Alah
siah, Gusti…! Bapa, saha éta?” Kuring kadua salaki geuwat lumpat ka tepas.
“Tos, tong nangis, kasép. Keun, engké Asép disintreuk ku Uwa, nya?” Nu jadi salaki
ngupahan budak nu tadi ngagoak. “Asup, Asép!” Paréntah Bapana ka Si Jalu. Budak
tungkul, sup ka imah. “Cenah rék tarawéhan!” Bapana nyentak Si Jalu. “Asép mah
ningal wungkul, Pa. Nu nyeungeut mah Si Endin! Mamah sareng apa tarawéhan atuh,
ambéh terang Asép mah tara ameng pepetasan!” Budak méwék bari muru ka kamarna.
Geblag. Teg! Mangpirang pepetasan bébérébétan ‘na jero dada.