Setatsion Ciamis

Wengi tadi, kuring nganjang deui ka setatsion Ciamis. Teu tiasa dicarioskeun nyérédétna haté. Di unggal juru rohangan, tapak-tapak kapungkur narémbongan deui.  Seungitna leuwih nyambuang batan seungitna malati atawa sedepmalem. Hoyong ngabudalkeun cipanon, ku alatan émut ka hiji istri, anu kiwari duka dimana boa. Teu hoyong lami-lami di éta tempat, nalika jarum jam duanana nujul kana angka 12, sadayana pamitan, seja wangsul ka tempat asal. Setatsion Ciamis, wengi tadi ilang dangiang. *** ER