aya sora anu henteu nyoara
Wengi enjing tepang deui, pokna!
Kuring teu wasa ngajawab, letah beurat kaeurad pitapak asih
Ber ..., bentang anu
kuring hiber
reg ngarandeg bari malikeun awakna
Jangjangna teu weleh ngiplik
Jiga ngagupayan kuring
Engkang kuring milu
jawabna ukur gigideug
Gerip wanci nulis titis miruha tresna ku rasa
Pamali, Enung, teu kenging ngarempak larangan
Manehna hiber deui
beuki luhur ngawang -
ngawang
Melesat ka alak paul
ngacacang milang sulintang
Kuring teu bisa kumaha iwal diri sumerah pasrah
Beuki luhur cahayana jiga nu kakalicesan
Teup, manehna eunteup dina jangjang indung peuting
Bray caang, awakna kajeueung deui
Kuring tungkul teu kawawa ku cimata
Diri jumerit ka Gusti, raga ngoceak ka Pangeran
Ya Alloh Robbul Ijati, pulangkeun deui panutan kuring
Kuring tanggah neuteup deui udat langit
Geuning manehna geus euweuh
Balabuh dawuh ngahiang dina galeuh maha wening
Hate ngageder-- dada ngahegak nahan kaambek
Panon mencrong kalangit -- ku asa diteungteuingan
Kudu kasaha kuring nanya -- lamun kangen kana lalakon anu
kamari
Hawar - hawar humandeuar
Enung ..., urang paanggang ngan ukur dina ciciptan
Dina batin gulung gelek sasarengan .
Dasep Arifin