“Tepang deui wengi énjing, jungjunan,” pokna. Geleber.
Béntang nu kuring hiber. Reg eureun, tuluy malikkeun awakna. Jangjangna angger
kikiplikan. Nyéh, manéhna ngalungkeun imut. Imut nu boa iraha bakal kapanggih
deui. “Abdi ngiring, atuh…!” paménta kuring sangkan dibawa. Manéhna gideug.
“Teu kénging ngarémpak larangan, Nung,” témbalna. Ber, hiber deui. Beuki
lila-beuki luhur, mingkin jauh ka alak paul. Kuring tanggah, panon nuturkeun
sapanjang hiberna. Caangna mimiti kakalicesan. Teup, manéhna eunteup di antara
langit peuting. Reup bray, katempo deui cahaya awakna. Kuring ngeluk tungkul,
beurat ku cipanon nu nyalangkrung. Saheulaanan cicing, tapi waktu kuring
tanggah, manéhna geus ngahiang. Nyel, amarah ngagedur. Kuring mencrong langit.
Ambek teu kabendung. "Kumaha mun engké kuring kangen dongéng nu
kapungkur...? Kudu ka mana...?" Jep saheulaanan. Ambekan rénghap ranjug.
"Cag! Semet dieu baé carita urang! Dia mulang, kami mulang...!"
géréwék kuring. Haté asa digerihan, ngarakacak ka diri sorangan. Léngkah karasa
beurat waktu ninggalkeun tapak-tapak lalakon.