BULAN BANDUNG PANINEUNGAN

 Mun sareupna geus mimiti
katémbong nyimbutan Bandung
angin Lémbang turun laun, ngabubuhan
langit mayung, bulan beukah
mangkat hiji lagu
kedaling katineung ati, deudeuh

Mun karéta pang ahirna
geus anjog ka kota Bandung
sinyal beureum malang deui, ngahalangan
Kota hurung, béntang mijah
ngaleu hiji lagu
kedaling kasmaran pikir aduh.

Hariring peuting pamirig hiji impian
bulan di langit Bandung nyaksian
wawakil ti pameunteuna, panineungan
Kembang mawar angger beureum,
nya eulis da angger beureum.

Haréwos peuting marengan hiji lamunan
bulan di langit Bandung, nyaangan
ngagenténan pameunteuna, panineungan
langit isuk angger biru nya eulis, da angger biru

Mun radio geus karungu
nembangkeun lagu pamungkas
mirig sora anca halon pileuleuyan
peuting cicing, kota jempling
jerit hiji lagu
kedaling katineung ati deudeuh

Mun balébat gagantina
geus hibar wétaneun Bandung
angin tonggoh lalaunan, muru Lémbang
bulan surup, langit biru
tamat hiji lagu
harepan témbong ngalangkan aduh

Hariring peuting pamirig hiji impian
bulan di langit Bandung nyaksian
wawakil ti pameunteuna, panineungan
Kembang mawar angger beureum,
nya eulis da angger beureum.

Haréwos peuting marengan hiji lamunan
bulan di langit Bandung, nyaangan
ngagenténan pameunteuna, panineungan

langit isuk angger biru nya eulis, da angger biru