Langit alum, hujan sabregbregeun. Teu hayang ingkah. Cur cai
ti langit maseuhan awak nepi ka jibrug. Nangtung kénéh, di dieu. Pikiran, haté,
pinuh ku rasa kuciwa. Lain ukur raga 'nu rancucut, batin ogé kumusut. Cimata
kuring, nyamuni diantara cai hujan. Di langit gelap ngabéntar, hujan beuki
ngagebrét. Saacan meunang kaadilan, teu hayang ingkah ti pakarangan ieu,
kajeun! “Ma, hayu lebet, ulah huhujanan sapertos kieu. Urang antosan Kang
Ganjar nyandak iber saé ti Pangadilan. Sok sanaos ukur kwitansi nu aya, bumi
ieu nu Ema. Tangtos moal ku sasaha, Ma, moal ogé ku maranéhna.” Minantu ngolo.
Hing ceurik, haté raca. “Atin, dimana atuh ari kaadilan?” Minantu neuteup.
“Hayu, Ma!” Leungeun mantu ngaléng kuring. Cimata disusutan. “Ma, Dédé baong,
nya?” incu ‘nu tadi keur diasuh, geuning aya kénéh di tepas. Kuring gideug,
laju nangkeup manéhna pageuh pisan. “Henteu, kasép. Sing pinter nya, Cu, sing
aya milik jeung rejekina,” cekéng bari ngusapan sirahna.