Si Kucrit, budak nu ku urang dipikanyaho baheula waktu umur 5 taun, ayeuna mah geus jadi jawara tanpa tanding. Euweuh nu bisa nyaingan kasakten elmuna. Manehna geus ngalalana ka kabeh padataran, kawentar pisan di dunya pasilatan mah. “JAWARA SARATUS JAGO,” kitu katelahna diantara para jawara mah.
Ngaran Si Kucrit, dipikaserab ku lawan, kitu deui ku musuhna Ki Jarong, pupuhu Padepokan Macan Wulung.Ki Jarong, jawara sakabeh rampog, jawara sakabeh maling. Si Kucrit sabenerna anak Kuwu Suwinta, jeung Nyai Rasmi, boga ngaran asli Raden Tapak.
Harita, basa Pademangan Paseban di serang ku Ki Jarong jeung murid muridna, Kuwu Suwinta jeung Nyi Rasmi eleh jajaten, paeh ku leungeun Ki Jarong. Untung, Si Kucrit nu harita keur leutik keneh, ku Nyai Rasmi di palidkeun ka walungan. Salamet Si Kucrit mah, alatan di cokot ku Nini Kantring. Nini nini rada slebor ti Gunung Gede.
Meunang sababaraha taun Si Kucrit digembleng ku Nini Kantring. Enya ge Nini Kantring rada slebor, tapi ari ngadidik jeung ngagedekeun Si Kucrit mah, teu weleh pinuh ku kanyaah jeung rasa tanggung jawab. Kitu kitu ge Nini Kantring teh pan lanceuk pituin Prabu Kian Santang.
“Ni, Kucrit rek turun gunung, rek neang nu maehan indung bapa, geus ateul hayang mangmaleskeun,”
“Nya heug bae ari nini mah, moal di rek di ulah ulah, tapi nyaan maneh turun gunung teh rek neang Si Jarong? Der kalah neang bikang deuih,” Nini Kantring nu keur diuk dina batu nembalan bari sukuna edeg, curuk leungeunna asup kana liang irung, ngala korong.
Kucrit nu keur ngalatih elmu “Peurah Langit” ngalieuk ka Nini Kantring, nu di lieuk pura pura teu nempo. “Ni, kuduna mah bagja mun Kucrit mawa bikang kadieu teh, engke nini aya batur ulin ucing ucingan. engke mah tiluan mu ucing ucingan teh. leuwih rame pan?”.
Nini Kantring cengkat, beungeutna siga nu manggih kabungah, “Nu bener sia teh Kucrit, jug atuh geura indit, poma ulah poho, mawa bikangna sakalian sing loba, ngarah bisa oray orayan, resep pan, nini aya batur ulin euy, nang ning ning nang euy, nang ning ning nang euy”. Nini Kantring igel igelan.
“Puguh da neang domba bikang, can tangtu Kucrit aya nu mikaresep Ni. Engke, sakalian Kucrit rek neang aki aki keur nini nya? keur batur ocon,” kituna teh si Kucrit bari nyerengeh.
Nini Kantring teu nembal, ngan saukur ngajebian. tuluy belesat, Nini Kantring kabelesat indit ninggalkeun Si Kucrit sorangan. “Dasar Nini nini ogoan, teu meunang weh uing senang teh, ari diheureuyan sok gumelis, heuheuy, tapi kalah kumaha ge, manehna nu geus ngagedekeun diri kuring, kuring nyaah pisan ka menehna, nuhun Ni”.
Unggal poe, unggal peuting Si Kucrit ngalatih elmu jeung kasaktenna, pantrang pikeun nyebut cape, oge teu pangedulan, demi hiji maksud, maleskeun dendam indung bapana. Dasar si kuru cileuh kentel peujit ceuk Nini Kantring tea mah.
Panon poe acan nembongkeun dirina, Si kucrit geus indit turun gunung, ninggalkeun Nini Kantring pikeun neang Ki Jarong. Teu hese ari pikeun nu boga kasakten mah indit inditan teh, teu siga jalma biasa, kudu leuleumpangan, atawa naek kuda jeung keretek, jalma sakti siga Si Kucrit mah, sakali tembragan kana taneuh ge, bisa ngabelesat jarak sababaraha puluh meter.
Nepi ka Pademangan Paseban, hate Si Kucrit rada ngageter, didieu baheula teh uing gumelar ka dunya. Di dieu oge indung bapa kuring dipateni. Keun siah, di bales ku aing Jarong, montong waka paeh sia, mun lain ku urang di paehan.
Si Kucrit nuluykeun leumpang, jelema nu ngalieuk jeung melong ka manehna teu di palire. Euweuh nu apaleun ka manehna, da puguh geus mangtaun taun Si Kucrit can pernah nincek deui lembur manehna.
Di hiji warung, Si Kucrit reureuh heula, manehna ngeusi beuteung nu ti isuk can manggih nanaon. Nu jaga warung, awewe saumuran manehna, buuk panjang ngarumbay, hideung meles, kulit bodas, jeung awakna lempay.
“Naha bade kamana Kang?,” tanya Nyi Kananga ka Si Kucrit, bari mikeun cikopi, tuluy gek gigireun Si Kucrit.
“Neang jelema Nyi, Neang nu geus mateni indung bapa Akang”.
“Milari saha atuh Kang?,” Nyi Kananga neuteup ka Si Kucrit nu nyuruput kopi panas.
“Ki Jarong Nyi, Akang neang ki Jarong, baheula, indung bapa Akang tiwas ku leungeun manehna, Kuwu Suwinta, jeung Nyi Rasmi, indung bapa Akang.”
“Kutan, Akang teh, putrana Kuwu Suminta sareng Nyi Rasmi? Hapunten atuh Kang, abdi tos kirang tata ka Akang,” bari ngomong kituna teh Nyi Kananga rada ngajauhan diukna, teu wani neuteup, tungkul, sadar yen manehna keur nyanghareupan jelema lain samanea.
“Naha bet ngajauhan Nyi, sieun di gegel ku Akang nya?,” Si Kucrit rada nyerengeh. Nyi Kananga ngan saukur ngajawab ku imut.
Teu sadar, aya tiluan lalaki nu titadi merhatikeun maranehna duaan. Nu kumisan baplang, Si Dirga, nu brewokkan, Si Sahma, jeung nu kulitna rada peang, Si Sahma. Murid Padepokan Macan Wulung milik Ki Jarong.
“Kumaha euy,urang bejakeun wae ayeuna Ka Ki Jarong, yen anak si Suminta, datang pikeun maleskeun dendam,” ceuk si Dirga ka baladna, waktu leumpang balik ka Padepokan.
“Heueuh bener euy, mun teu salah mah manehna teh Si Kucrit tea, Jawara saratus Jago. Aya bahan pirameeun euy patarungan ayeuna mah, jalma sakti wungkul yeuh, taekkeun ah masangna,” ceuk si Sahma.
“Ah, silaing mah kana masang wae euy lumpatna, aing miluan ari kitu mah, hahahahah,” tembal si Peang. Sajajalan, maranehna ngalecok ngaromongkeun kumaha hebatna Si kucrit, ceuk para jawara nu kungsi adu kadigjayaan jeung manehna.
“Naon Dirga? Teu salah silaing mere beja? bener eta teh anak si Suwinta?,” Ki Jarong cengkat tina diukna waktu narima beja ti si Dirga yen anak Suwinta, Si Kucrit aya di Pademangan paseban.
“Puguh enya Ki, jelas pisan tadi teh, waktu manehna ngomong yen manehna anak Suwinta”.
“Dimana ayeuna mangkelukna? hayang nuturkeun indung bapana sigana mah, keun ku aing di anteurkeun”.
Karek ge tamat Ki Jarong ngomong kitu. siuuuttt, jleg, nu di omongkeun geus ngabedega di hareupeun maranehna. Rada reuwas oge ki Jarong nempo Si Kucrit, sabab awak jeung beubeungeutanna teu jauh jeung bapana, Suwinta. tapi nu jadi kareuwas sabenerna mah, ku elmuna, Si Kucrit teu kanyahoan datang ti lebah mana manana, jol jleg aya di hareupeun. Tangtuna, ieu budak geus ngeusi ku elmu nu teu bisa di jore jorekeun.
“Teu kudu cape cape neangan Jarong, simpen weh tanaga maneh pikeun ngalawan kuring,” ceuk Si Kucrit.
“Hahahahah, budak olol leho hayang galungan jeung aing? indung bapa maneh wae paeh di leungeun kuring, komo deui maneh? di sintreuk sakali ge, bakal nyuuh dina dampal suku dewek siah!”.
Keupeulan leungeun Ki Jarong dimaksudkeun kana beungeut Si Kucrit, tapi leungeun Ki Jarong ku Si Kucrit di tepak, malik suku Ki Jarong nu di tengkas ku Si Kucrit. Saheulaanan ki Jarong ampir ampiran tisungkruk, tapi buru buru menehna masang kuda kuda deui.
Murid murid Ki Jarong rek milu maju, tapi di hulag ku ki Jarong,”caricing kabeh, keun ku aing di sanghareupan ieu budak”.
Si Kucrit seuri nyakakak. “Hahahah, gede hate maneh Jarong, pan bieu ge kasaksian ku kabeh, maneh euweuh naon naonna di hareupeun aing mah”.
Hate Ki jarong beuki panas, manehna nyerang Si kucrit, ku sababaraha serangan, tapi angger, bisa di peupeuh ku elmu Si Kucrit.Ki Jarong ngiceupan ka si Dirga, si Dirga surti, kabeh murid nyerang ka Si Kucrit. Si Kucrit, saeutik oge teu gimir, di sanghareupan kabeh murid padepokan.
“Euweuh kaera maneh jarong, wani ka budak leutik, jaba rempugan deuih. hik hik hik, hayang ngajaran di bulucunan ku aing?”.
Jleng, jleng, jleng, hiji kalangkang katempo bebelesatan tina tangkal ka tangkal sejenna, tuluy jleg, Nini Kantring aya di hareupeun maranehna. Cicirihilan bari gulak gilek, katempo sleborna teh. Curuk leungeun angger asup kana irung, kuriwel, kuriwel neang Korong.
Kaayaan padepokan macan wulung beuki katempo rame sanggeus kadatangan Nini Kantring, ayeuna mah aya dua patarungan di dinya teh. Patarungan antara Ki Jarong jeung Si Kucrit, sarta Patarungan Nini Kantring jeung murid murid Ki Jarong nu aya ratusan urangna.
Nini Kantring ngaluarkeun Samping poleng SI KEBAT SAKTI, sakali ngebatkeun, sababaraha urang murid Ki Jarong teu walakaya.
“Sok kadarieu, kadarieu, urang usapan ku Kantring, Nini Kantring, enya ge jalma kurang eling, tapi kadigjayaan tanpa tanding. Nu bisa ngelehkeun kuring, ku kuring rek di kawin, hihihihih, hahahahah”.
Bret, bret, samping Poleng Si kebat sakti ngababet ka murid murid Ki Jarong. euweuh nu bisa ngalayanan kasakten eta samping. Ahirna, kabeh murid Ki Jarong euweuh nu bisa nangtung saurang urang acan. Pipina barengep, beungeutna barareuh, aya oge nu biwirna jadi jeding.
Nini Kantring nyampeurkeun ka palebah Si Kucrit nu keur ngalayanan Ki jarong. Tuluy cingogo nonton nu keur galungan. Sup deui, curuk leungeunna asup kana irung.
Ki Jarong ngaluarkeun bedog, tuluy di sabetkeun ka Si Kucrit, sakali ngalilek, bedog ukur nyabet kosong. Cara licik ku Si Jarong di halalkeun, Leungeun Jarong nu kenca ngaluarkeun jarum nu di eusian ku peurah. nancleb pisan dina dada Si kucrit.
Nini Kantring nu nempo kalicikan Ki Jarong cengkat, “Kucrit, bereskeun ayeuna! montong di lila lila deui jalma bangkawarah kitu mah”.
Si Kucrit unggeuk, najan tanaga dina awakna karasa ngurangan, tapi demi indung bapana, manehna kudu bisa ngelehkeun Ki Jarong.Si Kucrit mapatkeun jampe, teu lila, katempo awak si kucrit dadaligdeugan, panon bolotot, tuluy ngadadak, Si kucrit ngaluarkeun peurah tina jero biwirna, beunang pisan ka Ki Jarong.
Karasa panas jeung peurih beungeut Ki Jarong, lila lila, kulitna maloletekan, ki jarong nyuuh, tuluy ngajoprak didinya keneh.
Si kucrit kapiuhan ku alatan peurah nu nyebar dina awakna.
“ Ah, nyaneh mah Kucrit,ongkoh rek mawa bikang, can nanaon geus kapiuhan”.
Ceuk Nini Kantring bari ngaluarkeun peurah tina awak Si Kucrit.