Mirah Dalima

“Dimana manéh? Kudu aya, kudu kapanggih!” Leungeunna ngadégdég. Poho kana ngisang, manéhna ngoréhan sésa pamiceunan. Awak begung, beungeut kerejut. Saacanna teuing kasalahan atawa pantrangan naon nu geus dilanggar, inten beureum mirah dalima murag tina kulitna. Gebeg! Reuwas lain jijieunan, gancang dipulung tuluy am. Sup ka kamar cai, borolo. Inten beureum milu kaluar dina pangutahan. Dipulung laju dikumbah dina wastapel. Dielap ku tisu tuluy am, leguk cai satengah gelas. Manéhna ngeunteung. Awak kerejut cangker deui, pameunteu kusut marahmay deui. Nyéh, nyéréngéh sorangan. Cikikik, cicirihilan. Gulak-gilek ukur maké calana jero jeung béha. Ngéh, seuri deui. Kerebek, celetit. Beuteung ngulibek. “Montong ayeuna! Kuring jangji isuk urang néang Pa Haji. Manéh tangtu diperenahkeun deui!” Kerebek, burusut. Manéhna kokoréh deui.