Hudang

Reup..., leng..., ronghéap. Ser ..., getih karasa kamalirna. Ngeunah ka na awak nu ti isuk kénéh dibawa leuleumpangan. Sup ka hiji parusahaan jeung parusahaan lianna. Suwung. Ronghéap. Duh, panon karasa beurat. Ieu aing téh rék saré kitu? Geus tibra acan nya? Tah, ayeuna aing keur leumpang yeuh, ngan teu napak.Éh, ngalayang kétang nu kieu mah. Enya, da maenya leumpang ngagulusur kieu, jaba teu maké tanaga deuih. Ieu téh dimana? Lega, poék, jaba sorangan deuih. Wah, nyaan ieu mah, kuring téh saré, ayeuna keur asup ka alam ngimpi. Ulah saré, hudang..., hudang! Aing kudu hudang, apan can meunang gawé. Kumaha budak jeung pamajikan di imah. Bray! Hésé-hésé gé panon téh dibeunta-beunta. Jung nangtung, léos ninggalkeun awak sorangan. Bongan siah hésé diajak hudang.