Balaka dina surat

Kahatur, diri salira nu nyinaran saban dinten. Jungjunan..., ku ayana salira beurang kuring teu poékkeun, haté 'gé janten haneuteun. Rumaos, mung salira nu nyaangan dina saban siang. Upami salira teu aya, panginten kekembangan sareng sanésna 'gé tangtos moal aya. Kitu deui abdi, moal tiasa ningal panorama. Leres, ageung pisan hartos ayana salira. Saupami dina ieu haté aya nu lian, taya sanés margi abdi meryogikeun caang. Jungjunan..., ulah bendu ka Bulan, teu kéngéng timburu ka Béntang. Abdi deudeuh ka salira, salira sumber kahirupan. Salam baktos, pun Nyai. Kitu eusi dina suratna, pondok tapi karasa nonjok. Nyai..., mun seug ayana kuring bisa nyaangan jeung ngawarnaan, kuring ihlas aya loba matapoé lian dina hirup anjeun. Lain ukur kuring, bulan jeung béntang. Kerewes. Surat rikes dina keupeulan.