Cinta Buta

Dua buta dariuk nyarandéan gunung. Nu lalaki ngahuleng nempo awéwéna nyegruk. “Andika téga,” cék nu awéwé. “Henteu, Nyai. Uing teu rumasa!”Témpas nu lalaki. Awéwéna gigideug. “Yakin kami mah. Andika jeung manéhna aya nanaon. Kami nyaksian pisan. Teu nginjeum ceuli teu nginjeum panon. Andika sok silih paok teuteup, silih dilak bari imut.” Hing deui buta awéwéna ceurik. Jung, lalakina nangtung. Teu réa nyarita, kop kana péso. Siriwik nurih angenna. Getih ngagewor. Dek, deku. Ragamang leungeunna kana angen. Nyabut jajantung jeroeun angen. Song dibikeun. Péso ngagurilap deui. Nyokél panon duanana. Diasongkeun ku dua leungeunna. Bru, awakna rubuh.“Teu kaduhung ayeuna mah. Manéhna geus masrahkeun sagalana,” buta awéwé ngagerendeng bari ngusap beuteung. Karasa aya usik.