Hareupeun Gundukan Taneuh Beureum

Nyanghareupan gundukan taneuh beureum nu hidep,,,
kagagas deui rasa kasono....

Dihareupeun gundukan taneuh beureum nu hidep
kalimah tahlil digalindengkeun
khusyu,,, teu beunang kaganggu.

Dihareupeun gundukan taneuh beureum nu hidep,,
surah Yasin di dalingdingkeun
Narabas,,, euweuh hahalang.

Imut hidep,,, nenangkeun sukma nu katalangsara
Gupay hidep,,, ngayakinkeun hate,
lir nu keur mepende

Dihareupeun gundukan taneuh beureum nu hidep
gerentes ieu yakin

hidep bagja di sawarga