Ceu Konah poe ayeuna surak bagja, sabab Mang Juhe mere duit leuwih pikeun si eceu ngarubah “penampilan”, dipermak cenah. Maksud Mang Juhe mah, ngarah si euceu jadi “gaul abis”. Dasar si euceu, Saumur umur can pernah nyaho salon. Komo make jeung di permak tea mah.
Dasar teu make uteuk, nu kuduna ka salon kecantikan, der ieu kalah ka salon mobil, pedah aya tulisan salon cenah. Sangkilang geus di tolak ku pagawe salon, si eceu maksa wae, malah nepi ka ceurik bari kokosodan, nya kapaksa weh atuh ku pagawe salon teh di tedunan.
Si euceu, di spooring, di balancing, jeung di tune up !.
Alhasil, kabeh saawak awak euceu robah! beungeut teu mangrupa, pungkal pengkol euweuh jugjugan, beuteung maju kahareup, bemper beuki kahandap. Geus puguh irung mah beuki jero!. Nempo kitu, Mang Juhe kapiuhan di dinya keneh !.