Ondangan ti kampung Beling


Isuk isuk keneh Nyai geus mandi, da rek indit ka Ondangan Ki Japra, gegedug maling ti kampung Beling, manehna hajat ngawinkeun budak awewena, Nu di ondangna ge ngan para jawara “dunia hitam “ wungkul.
Si Brewok, nu pacabakanana kana ngagarong, Si Jali, bentang rampog ti betawi, si Peang jago nyopet, si Rawing tukang nyulik, jeung rea rea deui.
Sanggeus beres dibaju, dangdang, make selop, tuluy Nyai indit make ojeg ka tempat hajatan. Barang nepi ka tempat nu dituju, katempo  Ki Japra jeung pamajikanna keur sibuk siga nu neangan barang nu leungit.
Pajarkeun mah,,panganten leungit aya nu nyulik, dahareun jang parasmanan ludes aya nu ngangkut, teu kudu di caritakeun ari eusi imah mah, pangheulana beak! Nu parah, gentong panyecep ti para ondangan ngilu teu kanyahoan kamana kamanana.

Nyai jadi lieur,,, “Kudu kamanakeun ieu amplop atuh...?”