Poe minggu, Aki Tarma ngajak ulin sasapedahan ka incuna, kukurilingan kota Bandung.
Cape sasapedahan si aki ngajak reureuh ka incuna.
Tuluy nitah meuli roko, bari song duitna.
Teu lila incuna geus datang deui bari mikeun roko,manehna ngingetan si aki,
“ ki, saur pa guru, ngaroko teh tiasa ngarugikeun kana kasehatan!,
“Ceuk saha jang, ceuk guru maneh? kuma dewek weh kituh, duit duit aki, naha teuing jang!yu ah, urang sasapedahan deui!”
Aki Tarma jeung incuna sasapedahan deui.
Udud teu leupas tina biwir si aki.
“Ki, kade rokona murag!” Ujang ngingetan.
“Moal...!” tembal si aki.
Pluk!.