Kocapkeun dina hiji poe, Dhany Irfan, sutradara sohor ti Jepang ulin ka Cikalong. Manehna panggih jeung aki-aki nu keur anteng ngangon marmot.
Asa ku aheng, di Cikalong mah marmot ge diangon. Leuwih aheng deui waktu nempo nu ngangonna. Disidik-sidik mah bet sarupa jeung nu diangonna. Huntu luhur nu hareup, ngajegir dua garede. Sakapeung biwirna hirup, rerenyohan.
Dhany : “Nepangkeun!Abdi Dhany Irfan, Sutradara moyan ti jepang!”
Bah Ocin: “Euleuh, geuning jalma ti jauh. Kuring, Bah Ocin, ngangon marmot eta pakasaban! Ngahaja ulin ka dieu teh, Jang?”
Dhany Irfan: “Enya, Bah, ngahaja neang abah. Aya tawaran yeuh, abah daek maen pilem? Jadi artis terkenal, populer, asup berita dina korang jeung tipi?”
Bah Ocin: “Kumaha, Jang? Abah jadi jelema terkenal? Populer?”
Dhany Irfan: "Enya, Bah! Kumaha? Daek teu? Diperlukeun pisan jelema siga Abah mah.Yakin uing mah! Si Abah tangtu bakal beken jeung populer! Hese tah kiwari jadi jelema populer teh"