Kocapkeun dina hiji poe,  Dhany Irfan, sutradara sohor ti Jepang ulin ka Cikalong. Manehna panggih jeung aki-aki  nu keur anteng ngangon marmot. 

Asa ku aheng, di Cikalong mah  marmot ge diangon. Leuwih aheng deui waktu  nempo nu ngangonna. Disidik-sidik mah bet  sarupa jeung nu diangonna. Huntu luhur nu hareup, ngajegir dua garede. Sakapeung biwirna hirup, rerenyohan. 

Dhany : “Nepangkeun!Abdi Dhany Irfan, Sutradara moyan ti jepang!”

Bah Ocin: “Euleuh, geuning jalma ti jauh. Kuring, Bah Ocin, ngangon marmot eta pakasaban! Ngahaja ulin ka dieu teh, Jang?”

Dhany Irfan: “Enya, Bah, ngahaja neang abah.  Aya tawaran yeuh, abah daek maen pilem? Jadi artis terkenal, populer, asup berita dina korang jeung tipi?”

Bah Ocin: “Kumaha, Jang? Abah jadi jelema terkenal? Populer?”

Dhany Irfan: "Enya, Bah! Kumaha? Daek teu? Diperlukeun pisan jelema  siga Abah mah.Yakin uing mah! Si Abah tangtu bakal beken jeung populer! Hese tah kiwari jadi  jelema populer  teh"

Bah Ocin: "Yeuh, Jang! Dengekeun sing bener! Uing Bah ocin, uing mah lain neangan populer, katenar atawa  hayang jadi jalma sohor! Uing mah hayang neangan duit matak ngingu marmot ge! Keun wae uing mah teu populer gara-gara pakasaban uing saukur ngangon marmot ge.  Teu hayang uing mah jadi bentang pelem populer. Nanaonan! kabeak-beak umur, euweuh duitan! Populer mah gampang atuh, kari naek kana tower tuluy ngabeubeutkeun maneh tina tower! Asup koran abus tipi. Pokona Uing mah arek neangan duit!Teu hayang jadi bentang pelem jeung  populer! Geus ah, balik-balik kadituh! Uing arek neangan duit deui"