Pasaratan Cinta

"Akang, pami akang leres bogoh ka abdi saratna mung hiji sanés mung kedah kasép sareng tiasa nyenangkeun wungkul, nanging ..."

"Naon éta téh, Nyi?"

"Teu sesah, Kang, Nyai mah mung nyuhunkeun akang janten jalmi jujur. Jujur téh salah sawios dasarna cinta, Kang"

"Kalebet perkawis akang nu ngaku bujangan? Emh ..., muhun, muhun! Nanging teu kedah panginten pami jujur perkawis bojo akang nu dua mah, nya?"

"??"