Merokok Dilarang Menumpang

Si Dudung, sobat kuring ti leuleutik, anyaran ieu jadi supir kontener bensin.
Manehna agul pisan ku motto " PENUMPANG DILARANG MEROKOK".

Hiji mangsa, kuring milu ka Bandung. Da kabeneran teu boga ongkos. Boga duit ge ngancukup keur meuli udud sabatangeun. Nya kapaksa kuring nebeng kana treuk si Dudung, saacan tumpak, duit teh dibeulikeun heula roko.

Harita, kaayaan jalan macet pisan. Deuh, mana panon poe mentrang-mentring. Halabhab jeung  biwir karasa haseum hayang ngaroko. Atuh, dikaluarkeun   tah roko nu sabatang teh.

Sabot rek diseungeut, si Dudung ngahulag, " Montong ngarokodijero treuk euy! Naha teu nempo kitu eta sakitu ngajeblagna? Panumpang dilarang meroko! Pan maneh mah panumpang, jadi teu meunang ngaroko. Kadieu! keur dewek weh!" bari gunyunyut roko teh dicokot. 

Sebul, sebul ..., bari melenyun manehna nyarita,"Tah, maneh kudu apal, eta teh motto supir" 

Beu, asa meleg. Ah, naha teuing make jeung kudu eleh geleng, di sabet tah rokodina biwirna.
"Uing ge boga motto siah jurig! MEROKOK DILARANG MENUMPANG !"