PASÉA HIGH-TECH (Tatang Sumarsono)

“Montong mungkir siah, ari enya mah lalaki!”
“Cadu aing mah. Sok, sia rék naon?”
“Tacan apal nya, ka aing?”
“Héh, manusa goréng pucus pira gé.”
“Tong disebut jago Tutugan, siah, mun teu ludeung ngadék sia mah. Tah, éta aing, deuleu!”
“Oh, rék ngadék? Sabaraha minggu sia ngasah bedogna? Moal neurak ka aing mah. Nya saha atuh anu kawentar weduk di Gunung Lagadar téh? Apan aing.”
“Alah siah, aya ku loba bacot! Marukankeun aing teu apal ka jeroanana? Yeuh, juhlas taun aing di Dayak.”
“Komo aing geus bosen bulak-balik ka Nusakambangan. Dayak? Sok sebut naon deui? Bugis? Tujuh waé mah ku aing dihakan.”

(Nu hiji gogoléran di pos ronda, kiduleun Lélés. Nu hiji deui bari ngasur-ngasur seuneu, di Leuwigajah. Najan ukur salah sambung, angger waé nyontang pulsa.)