Godi, Cép Nunu Jeung Warung Kuring

Warung Fikmin, kitu katelahna ngaran warung kuring. Duka pédah ngaran kuring Nyi Fikmin, atawa duka teuing ku sabab warungna ngadagangkeun rupa-rupa Fikmin. Fikmin téh ibarat dahareun, nu dibutuhkeun pikeun nyumponan kalapar uteuk. Fikmin ibarat céndol, matak nyelecep kana tikoro nu hanaang. Kang Godi... ieu warung téh bati kadeudeuh ti akang. Katresna, kawening manah salira katampi pisan. Alhamdulillah, kang... warung téh haneuteun. Abdi tiasa majeng ku akang. Pun anak tiasa neraskeun deui sakolana. Duh... teuteup akang dinten éta, teu sanggem abdi mayunan-ana. Hapunten, Kang. Perkawis Cép Nunu, sumuhun, aya dina réngréngan erak warung fikmin abdi.