1. OROK
Ma Edoh, tatangga kuring anu teu boga budak ayeuna boga orok meunang mawa ti panti asuhan. Adopsi tea. Hiji waktu datang tatanggana hayang nempo eta budak.
"Mana orok teh, ma?" ceuk tatanggana bangun nu panasaran.
"Ke atuh sakedap sina ceurik heula."
"Har... naha mani kudu sina ceurik sagala?"
"Atuda ema hilap deui dimana nyimpenna!"
2. UING
Uing memang jelema teu sampurna... komo Djarum Super mah... Wish me luck weh. Jeung mergono... aeh Marlboro maksud mah. Ko..., roko... roko... (bari ngider di setopan)
3. TUKANG BOHONG
Nyai: "Damel dimana, kang?"
Akang: "Bisnis, nyi, Dealer mobil, sewa apartemen, hotel, jeung sajabana..."
Nyai: "(wah, konglomerat!) akang pasti bumina ageung nya?"
Akang: "Ah, teu pira. Ukur 2000m2..."
Nyai: "(edas!) seueur mobilna, nya kang?"
Akang: Sakedik, ngan 12 siki!"
Nyai: (Wah, bagaja temen mun jadi pamajikanana) akang tosa haji?"
Akang: "Karek 3 kali"
Nyai: "Akang hobbyna naon?"
Akang: "Ngabohong!"
4. ENGANG
Aya pasen nu tarangna buncunur datang ka tempat praktek dokter.
Dokter: "Pasti engang!"
Pasen: "Leres pisan, geuning terang?"
Dokter: "Nyengcle dina tarang, pan?"
Pasen: "Leres"
Dokter: "Tuluy nyeureud?"
Pasen: "Can sempet, kaburu dibabuk talenan ku pamajikan..."
5. KARUNYA MAMAH
Si Eneng, budak tatangga anyar kuring cikeneh ditanya.
"Kumaha neng, bumi enggal teh? sae?"
"Muhun sae, ageung..." tembalna. "Tapi karunya mamah..."
"Naha...?" panasaran.
"Atuh da sadaya kengeng kamar sorangan, abi kengeng kamar, aa kengeng kamar, si teteh kengeng kamar, tapi mamah henteu. Kalahka sakamar wae sareng si bapa..."