KALANGKANG INDUNG
Teu walakaya. Awak kasedot angin, kabuntang-banting jeroeunana. Awak dipuragkeun, ngabebengkang di satengahing Padang Sahara. Jung nangtung, rumanggieung. Satungtung deuleu ukur keusik nu ngeplak. Séah angin hawar-hawar matak ketir. Ter, haté ngageter. Kuring ngabigeu, suku kabakutet teu bisa ingkah. Angin datang deui lilimbungan, ngapungkeun mangjuta bubuk keusik, ngawujudkeun dedegan awéwé. "Ema ...?" Sakilat keusik peuray. "Emaaaaaaa!" Kuring terus ngajorowok ngageroan ema, tapi nu digeroan teu balik deui. Peurih, nyeri, nyeletit kana ati. Hing, ceurik. "Hudang, Yan. Geus tangari." Hawar-hawar kadéngé aya nu nyalukan. Awak karasa oyag. Koréjat, leng.... Ambekan rénghap ranjug, awak cipruk ku késang, dada karasa eungap. Aya nu nyelek jeroeun angen, guligah rasa nu nyiksa. Hayang ceurik sahinghingeun, tapi lain éta jalan kaluarna. "Gun, anteurkeun urang balik!”
GALAMEDIA, 22 DESEMBER 2012
Dina raraga mieling HARI IBU