Kembang Géisa

“Naon rusiahna pedang Jepang, Juragan? Meni seukeut tur panjang. Dipaké nyolok bulan gé bisa jigana, teu kudu maké tarajé sagala,” maké basa Jepang Sukésih ngaharéwos kana ceuli Migumi. Nu diheureuyan keur peureum beunta, ngararasakeun haneutna pinareup ‘nu ti tadi paadu jeung dadana. Kawih Cianjuran tina piringan hitam acan tamat waktu Migumi ninggalkeun Sukésih kaluar panto, mulang ka gudang senjata. Sukésih turun tina ranjang laju mérésan sepré nu acak-acakan. “Mawat, bikeun ieu ka pajuang!” “Méong ....” Ucing hideung kaluar tina jas hujan nu nambru satukangeun pot kembang. Sukésih nalian keretas kana kangkalung Si Mawat. Sakedapan Si Mawat diusapan tuluy dicium huluna. “Jug, geura bajoang.” Si Mawat ngahénén bangun embung indit. “Jung, geura indit, Mawat!” Kalacat Mawat kana jandéla, gajleng kana batu handapeunana. Sapasang panon sipit nuturkeun kesitna Mawat nepi ka ngerelesna palebah péngkolan. Kimigayo wa hiyo ni yachiyo.... Belewer, sapatu, sendal, ninggangan piringan hitam.