Ujang Nyai Fiksimini
“Ujang nyai fiksimini, fiksimini ujang nyai. Nyai ujang fiksimini, ujang fiksimini nyai. Fiksimini, fiksimini.” Haseup tina roko nu diseuseup nyerebung unggal ditiupkeun. Bet robah jadi seungit menyan. Seleber .... Haté mapatkeun deui jampé. Sakur nu gaib patingkurunyung. Idé, jejer, kecap, jeung pamanggih nyalampeurkeun. Sup! Ngarasuk ka diri. Kakuatan nu gaib motah, ngajurung awak pikeun milu kahayangna. Trét ieu diri ngabéjérbéaskeun ngaliwatan ramo. Tiktak tiktak, mesin ketik ngawirahma lir kacapi nu di jentréngkeun. Tiktak tiktak, mapatkeun jampé nu murwakanti. Nyéh diri imut sorangan. Nu gaib ngajirim jadi fiksimini. Fiksimini nu sakti mandraguna, fiksimini nu mancalaputra mancalaputri. Dur! Sumanget mingkin ngagedur. Ieu haté, ieu biwir ngagorowok. “Hayu maju Ujang-Nyai! Pikeun sastra jeung ki Sunda!”