Raray Apa
Satepina di imah, sup ka kamar. Ngajanteng hareupeun eunteung. Nilik-nilik rupa sorangan. Ti kénca, ti katuhu, beungeut méh adek kana eunteung. Dipapay ti mimiti pipi, ceuli tuluy panon. Irung ogé biwir teu nepi kaliwat. Aing jadi inget keur budak, daék wéh dibobodo ku Enin. Néangan bapa mah kudu bari ngeunteung, Déd," cenah. Si mamah deuih, bonganna teu balaka waé kamana ari Bapa. Jiga urang kitu bapa téh? Jiga urang pisan?. Sabot nempo ti hareup, dua pasang panon paadu teuteup. Ter, aya nu ngageleter ‘na jero awak. Napas eureun sakedapan. Apa kitu ieu téh?. Antara bungah jeung cangcaya. Nu diteuteup ukur imut, haté jadi guligah. “Apa?” Les, leungit. Nu aya kari teuteup kosong sapasang panon dina eunteung. Dipencrong malik mencrong, dipolototan malik molototan. Bet ngadon tingsariak. Éta panon siga nu rék neureuy buleud. Siki panon nu buncelik seukeut ningali kuring. Puringkak! Séak! Ser.... Getih ngadadak gancang kamalirna. Bek! Asa diteunggeul hulu angen. Kocéak, batin ngocéak, “Apaaaaa ....!”