Baju Beureum
Di jero sagara atawa guha, Naga Nian, sato linghas nu mibanda sisit warna emas nyusur kahirupan. Di pakarangan, kuring ulin jeung Si Cici sarta babaturan lianna. “Koko, acukna anyar, nya? Nu abi gé énggal da.” Cék Cici bari némbongkeun bajuna. “Sami nya, Ci, beureum....” témbal kuring. Teu kanyahoan timana datangna, nyaho-nyaho Naga Nian kapireng keur hiber kakalayangan. “Nian datang...! Salametkeun diri...!” Pandita Hongjun Lao Tzé gogorowokan. Cici lumpat ka imahna. Burubul, jalma ngaburudul, paburisat néangan panyalindungan. Naga Nian bebelesatan, kalan-kalan nutug muru ingon-ingon, jeung hasil tatanén. Pareng katempo aya jelema, capluk dihakan. “Jang! Nyingkah! Lumpat...!” Pandita Hongjun Lao Tzé ngajorowok, nitah kuring nyalametkeun manéh. Lumpat kumaha? Naga Nian geus nampeu hareupeun! Tuur nyorocod, sieun pohara. Hayang ceurik sahinghingeun, keueung. Awakna..., panjang siga oray raksasa. Huluna..., huluna siga singa. Panonna..., éta panonna...! Paéh ieu mah! Ujang pasti paéh! “Ema...! Bapa...!” Kuring nutupan beungeut ku baju beureum nu anyar dipangmeulikeun.