Si Bisu

Kamampuh urang ngan ukur sakitu, Win. Neuteup mun tepung bari haté teu eureun muji. Teu nyalahkeun didinya urang gé, wajar, mun anjeun nepi ka teu nyaho. Cinta, cinta. Sok sanajan urang geus nyarita ku sagala peta, némbongkeun kanyaah ka didinya, ari teu kedal mah kumaha meureun, nya? Boa teu karasa ku didinya mun unggal panggih, urang sok ngahususkeun sagalana keur didinya. Duka teuing atuh, da mun tepung téh haté sok sur-ser, bogoh meureun. Kamari, waktu acara kémping téa, batur mah nyaranyi, pan urang mah ngadon nyumput bari panon motoan didinya. Enya gé ukur kalangkang, bungah. Hanjakal urang jadi Si Bisu, da ari kahayang mah peuting harita téh, Win, urang nyanyi. Hanjakal éléh ku bangkong, nu leuwih pinter maok perhatian anjeun. “Heuheuy, deuh! Pi..., bangkong waé nyanyi, tuh!”