Satitik nu Teu Pira

Ngajanteng, ngararasakeun kaéndahan nu aya di hareupeun. Can hayang ingkah. Genep wanoja ditaranjang. Sabagéan keur silih simbeuh handapeun pancuran. Hanjakal pinareupna katutupan ku buukna nu baraseuh. Kagok pisan gambar téh! Bisa dibayangkeun, mun haranjat awakna pasti sampulur. Dideukeutan. Ditelek-telek. Geuning.... Aya saurang deui nu keur diuk dina batu. Jaba nyinghareup kadieu deuih. Buukna diképang , matak atra sagalana. Ih, naha asa aya nu kurang? Padahal, unggal garis dina awakna éstu sampurna. Panasaran. Maju deui, beuki dideukeutan. Diilikan ti luhur nepi ka handap, ka luhur deui. Beungeut pahareup-hareup. Emh..., ieu ningan nu jadi ganjelan téh. Ngahaja kitu? Bet kari nitikan ku cét hideung padahal mah. Keun, urang panonan. Luak-lieuk.... Tah, bisa nempo éndahna dunya ayeuna mah, nya? Tuh, patugas museum nu tadi dulak-delék. Geus, ah, bisi kaburu burit. Rét kana lukisan. Sugema. Mona Lisa jeung awéwé nu dianting inten ngariceupan. Nyéh, uing seuri sorangan. Teu pira, satitik.