Ngajanteng, ngararasakeun kaéndahan nu aya di hareupeun. Can
hayang ingkah. Genep wanoja ditaranjang. Sabagéan keur silih simbeuh handapeun
pancuran. Hanjakal pinareupna katutupan ku buukna nu baraseuh. Kagok pisan
gambar téh! Bisa dibayangkeun, mun haranjat awakna pasti sampulur. Dideukeutan.
Ditelek-telek. Geuning.... Aya saurang deui nu keur diuk dina batu. Jaba
nyinghareup kadieu deuih. Buukna diképang , matak atra sagalana. Ih, naha asa
aya nu kurang? Padahal, unggal garis dina awakna éstu sampurna. Panasaran. Maju
deui, beuki dideukeutan. Diilikan ti luhur nepi ka handap, ka luhur deui.
Beungeut pahareup-hareup. Emh..., ieu ningan nu jadi ganjelan téh. Ngahaja
kitu? Bet kari nitikan ku cét hideung padahal mah. Keun, urang panonan.
Luak-lieuk.... Tah, bisa nempo éndahna dunya ayeuna mah, nya? Tuh, patugas
museum nu tadi dulak-delék. Geus, ah, bisi kaburu burit. Rét kana lukisan.
Sugema. Mona Lisa jeung awéwé nu dianting inten ngariceupan. Nyéh, uing seuri
sorangan. Teu pira, satitik.